Rabu, 28 September 2011

Hanya menjadi debu..

Aku...angin,,,pencipta badai yang kemudian berlalu...
Aku,,,topan yang menerjang memporakporandakan,,kemudian diam dalam hening,,
Aku,,,ombak yang bergejolak,,,kemudian tenang dalam senyap..
Aku,,,yang kemudian menjadi debu tertiup angin yang menciptakan topan,,dan gejolak ombak,,lalu kemudian diam..

Jumat, 16 September 2011

curhat

Hhhhhhhhhhhhhmmmmmm
Blog,,,ayeuna giliran curhat lah,,,mun maca blog blog abg eusina curhatan kabeh,,,tapi resep ningali barudak ngora resep nulis,,.teu mikir kumaha eta tulisan teh berbobot ta henteu,,nu penting judulna "NULIS".
Teu kudu mikir salah ejaan kata atawa make tanda baca nu berlebih..
"SABODO" nu penting curhat...
Haruhhhh iyeu poe pinuh dinamika,,,cape,,,tapi seruuuuu,,
Naon nya????halaaahg...teu bisa nyaritakeunana geuning..
Otak pinuuuuuuuuuuhhh..Tugas kuliah numpuuuuuuuuuuuk..can kacabak..Tugas organisasi ,,,tugas di imah,,,ngurus budak,,,, nyenangkeun salaki,,,waduuuuh,,bak bik buk teu bisa geura tuntas...
Eta nu ngaranna hirup.."SEMANGAT"
Ngeluh mah wajarrrrr,,,
Iyeu hirup kuring nu ayeuna..

Rabu, 07 September 2011

sambungan Carpon Sunda



Lalakon diri,,ayeuna ngan bisa ngahuleng,,ngajejentul teu puguh gawe.Aya anu robah dina diri Marni sabulan katukang,,ayeuna mah nyetil,papakean rapih,mun di jero imah teu leupas make baju sexy , sore kenah geus tutulak.Jiga anu nantangan.Ngaku da bener manehna katingali geulis jeung seger ayeuna mah.Sakapeung ngalenjehan ogo.Harruhh..kumaha iyeu teh??
Kadung geus ngaku cinta ka awewe sejen,,kumaha nanggung jawabna mun eta awewe nganggap serius sakabeh omongan kuring??
Ngajengkat cengkat tina lamunan.Hirup terus kudu dilakonan.Sapopoe nu jadi kabanggaan nya kabeh nu kapimilik ku diri.Ngabebenah imah nu jadi harga diri lalaki.merenahkeun kulawarga,anak pamajikan nu jadi tanggung jawab teu bisa dimomorekeun.
Kumaha kabar Imah ayeuna???Awewe nu sababaraha bulan iyeu ngeusian kakosongan hate kuring???
Imah teh teu geulis,,teu beunghar,,teu pinter,,gede ambek,,sakapeung pikakeuheuleun,,tapi iyeu hate tara iyeuh ngarasa hewa,,atawa ambek..saprak kenal jeung Imah,hate jadi asa leuwih kalatih ikhlas.Boga cinta anu tulus,tur hirup asa leuwih pinuh warna.Sakapeung bungah,,sakapeung sedih,,sakapeung pasea jiga anu ngewa,,tapi isukna bisa nembongkeun kanyaah anu teu aya hinggana.
Imah neuteup anteb,,panon anu carindul urut ceurik masih nyesakeun cipanon nu nyangkrung teu kawadahan.Antukna ngaberebey deui ngalembereh maseuhan pipi nu cepel balas disusutan ku tungtung leungeun.
“Teu nanaon kang,,tong mikiran Imah,,lamun ayeuna akang bener rek balik deui ka Marni,Imah moal rek ngaganggu rumah tangga akang,,,”
Ngan sakitu nu kedal tina biwir Imah .Kabayang deui sagala anu geus kaliwat tina lalakon kuring jeung manehna.Cita cita anu geus kabangun sakitu endahna,,laungit sakoteap,lir cai ibun anu leyur ku panas panon poe.
“Hirup jeung akang ,,,”ngaharewos bari ngegeter teu wani neutep panon Imah nu juuh .
“Teu tiasa kang…”Jawab Imah ngaleupaskeun cekelan.
Buru buru indit teu ngalieuk deui.Kuring neuteup tonggong Imah bari ngaheruk teu bisa kumaha.Kalalakian kuring ambruk teu walakaya ngalawan kanyataan.Kagagahan nu diagul agul teh akhirna kudu nepi kana kapasrahan,,yen ayeuna kuring geus kaleungitan Imah.
Teu aya kabar ti manehna nepi ka  kiwari.Nyimpen kayaah ukur dina hate.
“Imah..”gerentes dina hate.Teu kedal da ngajaga hate Marni.
      Teu ngarasa salah tina rasa anu nyarambahan dina hate,,estu lain kahayang,,datang teu kanyahoan,,tulus ti Allah.Kacinta..