Minggu, 28 Agustus 2011

Carpon Sunda 2

Moal beak beak nyaritakeun persoalan hirup salila urang masih dibere umur ku gusti Allah.Komo deui urusan hate,perasaan nu disebut cinta.
Lain budak deui umur teh,,,geus manjing opat  puluh,tacan ari nyampe mah,,da pas na mah tilu puluh genep ogenan dua bulan keneh,.tapi ceuk batur majar ari lalaki umur sakieu keur meumeujeuhna beger kadua ceunah,.eta meureun nu kaalaman ku kuring salila sataun iyeu.
Ari rumah tangga mah sarua bae jeung batur,,cekcok saeutik saeutik mah wajar.Teu aya anu dipake hanjakal.malah mah mun ditingali kubatur estu bisa dijadikeun rumah tangga percontohan.Bayangkeun weh,,saumur kuring mun rek sombong asa pangsenangna.Imah agreng,,mobil aya.pamajikan geulis,,anak pinter tur lalucu geus sapasang,kebon lega,pagawean mapan,da jadi Pagawe Negeri jaman ayeuna mah teu bisa disebut pas pasan.Komo hirup di lembur,jang dahar mah luah laeh.Pokona hirup teh karasa nikmatna.Buah perjuangan kuring baheula kuliah teh kapetik hasil.
Tapi da manusa mah sok tara puas sanajan geus dibere loba ogenan.Kitu oge kaalaman ku kuring.

"Marni,,,akang nyaah ka Marni,,komo deui ka barudak,,tapi kumaha iyeu hate bet cinta kanu sejen,,salapan taun rumah tangga jeung Marni geus ngabuktikeun usaha akang pikeun tanggung jawab,ayeuna akang ngarasa aya anu kurang dina hirup akang,nyata perasaan cinta anu can pernah dirasakeun salila hirup akang,,iyeu hate asa kumejot hayang ka manehna,lain Marni teu geulis,,tapi hirup anu ku urang dilakonan asa geus teu mangrupa kahirupan deui,estu jiga ceremonial.Pakem teu aya gereget.Jigana akang bener bener bogoh ka eta awewe..."

Eta ucapan ngan kagerenteskeun dina hate,,can wani ngedalkeun nu sabenerna dihareupeun pamajikan nu katingali carindakdak basa kuring bebeja yen kuring bogoh ka hiji awewe.
Gogoda meureun iyeu teh pikeun rumah tangga kuring.Tapi mun rek ngaku,hate mah moal bisa dibohongan.Keun urang tingalikeun nepi kamana iyeu hate ngumbara dina perasaan cinta anu ngabubula lir seuneu nu dibanjur ku bengsin.


Bersambung.......

Sabtu, 27 Agustus 2011

Naek Delman

Mun inget hayang seuri,,Salila di lembur memang nu paling dipikahayang ku hate teu aya deui iwal ti naek delman,,jiga budak ,,tapi kanyataan unggal poe kudu bulak balik naek delman,najan teu aya nu dituju.Sakadar kukurilingan ngabebenjekeun barudak,,atawa sakadar balanja sayur ka pasar,,kudu naek delman.
Aya kanikmatan nu teu bisa diomongkeun,ngan bungah weh mun keur naek delman teh,,kahihidan ku angin,,bari ditabeuhan ku tapak kuda lir gending aling aling mepende hate..estu ayem tentrem moal aya anu nandingan.
"Mang,,tong bosen nya bisi salila di lembur dicarter bulak balik naek delman Emang"
"Mangga bu,,puguh weh atoh mun unggal poe ibu naek delman abdi,,meungpeung lebaran,maremaan nya bu ongkosna"si mamang bari seuri..
"Tong disaruakeun jeung urang kota mang,,da abdi mah urang lembur,,,nya ongkos lembur"kuring ge milu seuri.
Dasar si mamang.....

Senin, 22 Agustus 2011

Lukisan diri




Carpon Sunda

Carpon

Teu bisa  disumputkeun kakeuheul tina beungeut kuring jigana.Mun katingali mah geuneuk haseum pikasebelen.
Lain kahayang tuda,,ari keur ambek mah puguh moal oge katingali geulis pikaresepeun.Boga salaki kasep loba nu bogoheun teh matak loba nyari hate.Bageur ari bageur mah,tibaheula oga teu mungkir da kabukti bageur pisan.
Ngan mun inget baheula nu jadi sabab kuring kawin jeung manehna ,kaharti mun sabenerna manehna  daek kawin jeung kuring,lantaran karunya ningali kaayaan kuring harita nu diuk di korsi roda,lantaran kacilakaan motor.
Kajadian waktu jaman kuliah,padahal  mah,,kacilakaan oge harita kuring keur di bonceng ku bebene.Ngan naas nasib bebene ,maot di rumah sakit.Ari kuring raheut rada parah,suku potong teu mangrupa..batok tuur leupas,kudu oprasi.Nu aya dina pikiran kuring ngan pasrah kumaha Allah.Kang Rian harita anu pang bageurna nemonan kuring salila di rumah sakit.Nepika cageurna mangbulan bulan di korsi roda,terus di bantu ku tongkat.Kuliah dianteur jemput ku manehna.Puguh bae kolot kuring kacida bungahna.
Hiji peuting Kang Rian ditanya ku bapa,kumaha mun dijadikeun minantu wae ceunah.Kayungyun ku sabar jeung bageurna.Selang saminggu ti harita, akad nikah dilaksanakeun,ngan sabagian ti kulawarga Kang Rian nu hadir.Acara resepsi nyusul di imah kolot.puguh wae rame,da make upacara adat sagala.
Rumah tangga jeung Kang Rian estu ayem tentrem tara pacekcok.Kahibur ku barudak nu lucu jeung pinter.
Ngan di taun ayeuna asa aya anu aneh tina diri Kang Rian.Loba awewe anu  sok nelepon.Malah aya anu terang terangan ngaku bogoh kang Rian.Kumaha caritana bisa jadi kieu??padahal kurang kumaha ari kuring baktina ka Kang Rian?Teu,teu aya rasa sieu kaleungitan , da kuring ngarasa percaya diri,,moal aya anu bisa ngelehkeun posisi kuring di hate Kang Rian.Malah pernah kuring di kenalkeun jeung awewe anu ngaku bogoh ka Kang Rian,,asana moal bisa ngelehkeun kuring.hate oge jadi teu sieun.
Mani anteng eta salaki ngobrol dina telepon.pajar teh babaturan sakola ceunah,ari prak lila lila ngaku.
“Marni,,akang rek ngomong…”Mani serius jigana teh.
“Salila iyeu akang satia ka Marni,jadi salaki anu tanggung jadi salaki anu tanggung jawab.nyaah ka Marni  jeung ka barudak.tapi ayeuna the akang keur cinta ka hiji awewe.kumaha???”
Kumaha ceunah…naha eta Kang Rian mani teu boga pisan rarasaan.Atuh meureun bae hate kuring ancur lebur,ngadenge salaki  ngaku cinta ka batur.Kuring cicing teu nembalan.ukur beungeut anu robah romanna.
“Marni hayang nyaho saha awewena??jiga kumaha rupana??geulis mana jeung kuring??pinter mana jeung kuring??”sora Marni dareuda.
“Teu geulis,teu pinter,teu beunghar,tapi akang cinta ka manehna”
Kang Rian mastikeun bari neuteup kuring nu nahan cai mata.
“Nu penting akang geus terus terang ka Marni,jadi akang lain selingkuh,da iyeu mah bener bener kajadian,tur akang teu susulumputan.”
Kuring cicing teu ngajawab,,tapi na hate susumbar,,”Sok ditingalikeun sampe kamana ngaku cinta kanu sejen??moal ge laksana ngarumpak adat”
“Hampura akang Marni,Saumur  rumah tangga loba anu ngagoda akang .timimiti batur gawe..nepi ka awewe nu tadina rek di jodokeun ka akang.tapi ayeuna akang ngarasa yen cinta akang teh geuning pikeun manehna nu teu hir teu walahir ,ujug ujug datang dina hirup akang..”
Kuring ngaleos teu nembalan,Naon anu di tempo ku Kang Rian ti eta awewe?.Mun bener teu geulis,,teu pinter, teu beunghar,ngan saukur ngaku cinta.Naon ari cinta mun saukur omongan??naon buktina??can kauji kasatiaanana.Bisa moal manehna hirup jeung Kang Rian nu geus rumah tangga..Na hate keuheul,,tapi yakin,,eta awewe moal bisa ngarebut Kang Rian ti sisi kuring.
Eta anu nguatkeun kuring,,barudak nu lucu jeung pinter,,maol enya Kang Rian tega ninggalkeun barudak.Kuring seuri puas.Sampe iraha oge eta awewe moal bisa ngarebut hate Kang Rian.



Sabtu, 20 Agustus 2011

Iteung ceurik,,,kabayan bingung @#$%^&*

"Heu.......ari awewe,,,kabisa teh  ngan ceurik jeung ceurik wae nya?"
Kabayan kukulutus,,,bari pura pura ngabeberah iteung nu ngagukguk ceurik bari nangkeup tuur..
"Jep atuh teung............,tong ceurik wae,,,pan akang jadi bingung"
Bari garo garo teu ateul.
"Bongan akang teh jahat ka Iteung,,,ngabohongan Iteung nu bodo,,"
Ngabangingik deui ceurik.
"Haaaaar...iraha akang ngabohong??? sing demi na oge,,,akang tara bohong ka Iteung mun teu kapaksa mah"
"Tuuuuuuh pan,,,ngaku ayeuna mah??"
Iteung ngajanggilek ogo..bari baeud.
"Eeeeeeh,,pan kaceplosan nya?"
Kabayan nahan seuri maur...
"Cing atuh bebeja ka akang,,ngabohong naon akang ka Iteung??"Kabayan bangun saregep.
"Akang teh bohong,,,majar cinta ka Iteung..tapi taya buktina,,sok geura mana cinta akang teh??ayeuna mah teu perhatian ka iteung teh,,teu cara baheula,,mani embung jauh,,ngobrol teu aya bosen,,rek sare di perende,,,ngomong nyaah teu anggeus anggeus,,,ari ayeuna????mana???hiks hiks.."
Iteung ngabangingik deui..
"Abong Iteung jalma bodo,,daek weh di bobodo ku akang..teu rido kang,,teu rido...Iteung asa disapirakeun."
tambah ngajerit nyi  Iteung
"Haruuuuh,,,ari Iteung,,,,tong salah sangka kitu atuh,,,akang teh nyaah ka Iteung,,ngan ari baheula mah pan pdkt mun cara barudak ayeuna mah..,Pan ayeuna mah Iteung na geus kapimilik ku akang..jadi teu diucapkeun ge kayaah akang teh ukur ka Iteung.."
Bari ngusapan tonggong Iteung.
"Ari awewe mah,,,kanyaah teh kudu di ucapkeun kang,,,,teu cukup ngan digerenteskeun...."
"Nya atuh,,,ayeuna akang ngucap...akang nyaah ka Iteung,,,nyaaaaaaaaaah pisan,,,hayu atuh.."
"Hayu kamana???sok teu jelas nya..."
Iteung baeud bari imut...
heueueueu.......

Iteung rada leler ayeuna mah..bari ngusap cimata nu nyesa dina pipi..


Selasa, 16 Agustus 2011

........Aku berbincang dalam diam........



Senyatanya aku diam...dalam pergolakan hati yang tak kunjung reda...ketika bibir tak lagi bisa mewakili jiwaku bicara,,,maka dalam diam kemudian aku berbincang...
Pada semua benda diam kutanyakan...bisakah mereka mendengar apa yang terbersit dari yang aku fikir??
Kata kata yang hanya terdengar bagai gumaman???
Bisakah mawakili isyaratku dalam diam??
Aku menyapa...aku bicara ....
Tentang hidup dan bagaimana menghidupi hidup..
Dan tentang kepasrahan hati pada mimpi yang terpaksa berhenti bermimpi..
Dan kemerdakaan yang tak lagi termiliki..
Karenanya aku diam..


Kamis, 11 Agustus 2011

*Aku Bicara Pada Bintang *

Aku bicara pada bintang,,begaimana ia melewati malam dalam gelapnya.??.Bagaimana ia tetap terang sedangkan ribuan bintang disekitarnya??Tidakkah engkau berebut cahaya di atas sana???Tidakkah kau bersaing tentang siapa paling terang diantara kalian??
Aku pikir tidak,,karena sejatinya memang tidak,,Bintang tetap setia pada gugusnya,,tak saling mendahului,, tak lagi mencari rasi yang lain,dan tetap pada porosnya,,hingga terjaga keindahannya.
Bintang yang hanya bisa kulihat di kejauhan,,menikmati pesonanya dalam diam,,tak berharaf akan menyentuhnya,,meski terlihat mudah ku gapai,,tetaplah di tempatmu,,agar aku bisa selalu menyapamu..