Senin, 22 Agustus 2011

Carpon Sunda

Carpon

Teu bisa  disumputkeun kakeuheul tina beungeut kuring jigana.Mun katingali mah geuneuk haseum pikasebelen.
Lain kahayang tuda,,ari keur ambek mah puguh moal oge katingali geulis pikaresepeun.Boga salaki kasep loba nu bogoheun teh matak loba nyari hate.Bageur ari bageur mah,tibaheula oga teu mungkir da kabukti bageur pisan.
Ngan mun inget baheula nu jadi sabab kuring kawin jeung manehna ,kaharti mun sabenerna manehna  daek kawin jeung kuring,lantaran karunya ningali kaayaan kuring harita nu diuk di korsi roda,lantaran kacilakaan motor.
Kajadian waktu jaman kuliah,padahal  mah,,kacilakaan oge harita kuring keur di bonceng ku bebene.Ngan naas nasib bebene ,maot di rumah sakit.Ari kuring raheut rada parah,suku potong teu mangrupa..batok tuur leupas,kudu oprasi.Nu aya dina pikiran kuring ngan pasrah kumaha Allah.Kang Rian harita anu pang bageurna nemonan kuring salila di rumah sakit.Nepika cageurna mangbulan bulan di korsi roda,terus di bantu ku tongkat.Kuliah dianteur jemput ku manehna.Puguh bae kolot kuring kacida bungahna.
Hiji peuting Kang Rian ditanya ku bapa,kumaha mun dijadikeun minantu wae ceunah.Kayungyun ku sabar jeung bageurna.Selang saminggu ti harita, akad nikah dilaksanakeun,ngan sabagian ti kulawarga Kang Rian nu hadir.Acara resepsi nyusul di imah kolot.puguh wae rame,da make upacara adat sagala.
Rumah tangga jeung Kang Rian estu ayem tentrem tara pacekcok.Kahibur ku barudak nu lucu jeung pinter.
Ngan di taun ayeuna asa aya anu aneh tina diri Kang Rian.Loba awewe anu  sok nelepon.Malah aya anu terang terangan ngaku bogoh kang Rian.Kumaha caritana bisa jadi kieu??padahal kurang kumaha ari kuring baktina ka Kang Rian?Teu,teu aya rasa sieu kaleungitan , da kuring ngarasa percaya diri,,moal aya anu bisa ngelehkeun posisi kuring di hate Kang Rian.Malah pernah kuring di kenalkeun jeung awewe anu ngaku bogoh ka Kang Rian,,asana moal bisa ngelehkeun kuring.hate oge jadi teu sieun.
Mani anteng eta salaki ngobrol dina telepon.pajar teh babaturan sakola ceunah,ari prak lila lila ngaku.
“Marni,,akang rek ngomong…”Mani serius jigana teh.
“Salila iyeu akang satia ka Marni,jadi salaki anu tanggung jadi salaki anu tanggung jawab.nyaah ka Marni  jeung ka barudak.tapi ayeuna the akang keur cinta ka hiji awewe.kumaha???”
Kumaha ceunah…naha eta Kang Rian mani teu boga pisan rarasaan.Atuh meureun bae hate kuring ancur lebur,ngadenge salaki  ngaku cinta ka batur.Kuring cicing teu nembalan.ukur beungeut anu robah romanna.
“Marni hayang nyaho saha awewena??jiga kumaha rupana??geulis mana jeung kuring??pinter mana jeung kuring??”sora Marni dareuda.
“Teu geulis,teu pinter,teu beunghar,tapi akang cinta ka manehna”
Kang Rian mastikeun bari neuteup kuring nu nahan cai mata.
“Nu penting akang geus terus terang ka Marni,jadi akang lain selingkuh,da iyeu mah bener bener kajadian,tur akang teu susulumputan.”
Kuring cicing teu ngajawab,,tapi na hate susumbar,,”Sok ditingalikeun sampe kamana ngaku cinta kanu sejen??moal ge laksana ngarumpak adat”
“Hampura akang Marni,Saumur  rumah tangga loba anu ngagoda akang .timimiti batur gawe..nepi ka awewe nu tadina rek di jodokeun ka akang.tapi ayeuna akang ngarasa yen cinta akang teh geuning pikeun manehna nu teu hir teu walahir ,ujug ujug datang dina hirup akang..”
Kuring ngaleos teu nembalan,Naon anu di tempo ku Kang Rian ti eta awewe?.Mun bener teu geulis,,teu pinter, teu beunghar,ngan saukur ngaku cinta.Naon ari cinta mun saukur omongan??naon buktina??can kauji kasatiaanana.Bisa moal manehna hirup jeung Kang Rian nu geus rumah tangga..Na hate keuheul,,tapi yakin,,eta awewe moal bisa ngarebut Kang Rian ti sisi kuring.
Eta anu nguatkeun kuring,,barudak nu lucu jeung pinter,,maol enya Kang Rian tega ninggalkeun barudak.Kuring seuri puas.Sampe iraha oge eta awewe moal bisa ngarebut hate Kang Rian.



1 komentar:

  1. Ieu mangrupikeun kasaksian anu kuring bakal béjakeun ka sadayana pikeun ngupingkeun. abdi parantos nikah salami 4 taun sareng dina taun kalima perkawinan kuring, awéwé sanés ngagaduhan mantra pikeun nyandak pameget kuring jauh ti kuring sareng salaki kuring ngantunkeun kuring sareng murangkalih sareng kami parantos sangsara salami 2 taun dugi ka maksadna tulisan dimana ieu lalaki Dr.Wealthy parantos ngabantosan batur sareng kuring mutuskeun masihan anjeunna nyobian ngabantosan kuring nyandak salaki kuring ka bumi sareng percanten ka kuring kuring ngan ukur ngirim gambar kuring ka anjeunna sareng salaki kuring sareng saatos 48 jam sakumaha anjeunna parantos ngawartosan, kuring ningali mobil nyetir ka jero bumi sareng éta éta salaki kuring sareng anjeunna parantos sumping ka kuring sareng murangkalih sareng éta sababna kuring resep ngajantenkeun anjeun sadayana dina masalah anu sami pikeun pendak sareng lalaki ieu sareng kakasih anjeun balik ka diri anjeun na email: wealthylovespell@gmail.com atanapi anjeun ogé tiasa ngahubungi anjeunna atanapi whatsapp anjeunna dina +2348105150446 Blog ieu: https: //wealthylovespell.blogspot.com ..... hatur nuhun pisan Dr.Wealthy. ...

    BalasHapus