Sabtu, 27 Agustus 2011

Naek Delman

Mun inget hayang seuri,,Salila di lembur memang nu paling dipikahayang ku hate teu aya deui iwal ti naek delman,,jiga budak ,,tapi kanyataan unggal poe kudu bulak balik naek delman,najan teu aya nu dituju.Sakadar kukurilingan ngabebenjekeun barudak,,atawa sakadar balanja sayur ka pasar,,kudu naek delman.
Aya kanikmatan nu teu bisa diomongkeun,ngan bungah weh mun keur naek delman teh,,kahihidan ku angin,,bari ditabeuhan ku tapak kuda lir gending aling aling mepende hate..estu ayem tentrem moal aya anu nandingan.
"Mang,,tong bosen nya bisi salila di lembur dicarter bulak balik naek delman Emang"
"Mangga bu,,puguh weh atoh mun unggal poe ibu naek delman abdi,,meungpeung lebaran,maremaan nya bu ongkosna"si mamang bari seuri..
"Tong disaruakeun jeung urang kota mang,,da abdi mah urang lembur,,,nya ongkos lembur"kuring ge milu seuri.
Dasar si mamang.....

6 komentar:

  1. Kok aku ga di foto bu......!!! eh kok ga di ajak gitu lho maksudnya....

    BalasHapus
  2. mending mamang kusir tah lumayan tonggongna ka poto.hehe

    BalasHapus
  3. Wakakakakakakakakakakakakakkkkkkkkk.............!!!!

    BalasHapus
  4. wahaha asik pisan yak naek delman :D

    BalasHapus
  5. ipaaaan,,,mana oleh oleh Banduuuuuuuuung!!!!!

    BalasHapus
  6. hehehe.. waktu itu aku bawa. tapi tantenya gada :p

    BalasHapus