Sabtu, 20 Agustus 2011

Iteung ceurik,,,kabayan bingung @#$%^&*

"Heu.......ari awewe,,,kabisa teh  ngan ceurik jeung ceurik wae nya?"
Kabayan kukulutus,,,bari pura pura ngabeberah iteung nu ngagukguk ceurik bari nangkeup tuur..
"Jep atuh teung............,tong ceurik wae,,,pan akang jadi bingung"
Bari garo garo teu ateul.
"Bongan akang teh jahat ka Iteung,,,ngabohongan Iteung nu bodo,,"
Ngabangingik deui ceurik.
"Haaaaar...iraha akang ngabohong??? sing demi na oge,,,akang tara bohong ka Iteung mun teu kapaksa mah"
"Tuuuuuuh pan,,,ngaku ayeuna mah??"
Iteung ngajanggilek ogo..bari baeud.
"Eeeeeeh,,pan kaceplosan nya?"
Kabayan nahan seuri maur...
"Cing atuh bebeja ka akang,,ngabohong naon akang ka Iteung??"Kabayan bangun saregep.
"Akang teh bohong,,,majar cinta ka Iteung..tapi taya buktina,,sok geura mana cinta akang teh??ayeuna mah teu perhatian ka iteung teh,,teu cara baheula,,mani embung jauh,,ngobrol teu aya bosen,,rek sare di perende,,,ngomong nyaah teu anggeus anggeus,,,ari ayeuna????mana???hiks hiks.."
Iteung ngabangingik deui..
"Abong Iteung jalma bodo,,daek weh di bobodo ku akang..teu rido kang,,teu rido...Iteung asa disapirakeun."
tambah ngajerit nyi  Iteung
"Haruuuuh,,,ari Iteung,,,,tong salah sangka kitu atuh,,,akang teh nyaah ka Iteung,,ngan ari baheula mah pan pdkt mun cara barudak ayeuna mah..,Pan ayeuna mah Iteung na geus kapimilik ku akang..jadi teu diucapkeun ge kayaah akang teh ukur ka Iteung.."
Bari ngusapan tonggong Iteung.
"Ari awewe mah,,,kanyaah teh kudu di ucapkeun kang,,,,teu cukup ngan digerenteskeun...."
"Nya atuh,,,ayeuna akang ngucap...akang nyaah ka Iteung,,,nyaaaaaaaaaah pisan,,,hayu atuh.."
"Hayu kamana???sok teu jelas nya..."
Iteung baeud bari imut...
heueueueu.......

Iteung rada leler ayeuna mah..bari ngusap cimata nu nyesa dina pipi..


Tidak ada komentar:

Posting Komentar